Wilujeng Tepang

Sampurasun baraya !

Sabtu, 07 Januari 2012

Timana Kamana Ngajadi

Hoream ! mun kudu ngider jagat sakieu legana. Tapi hate maksa akal nyawang kamana-mana. Mimiti abdi ngaraga dimangsa tahun 1500an. Ngawujud kuring jadi pangumbara. Awak leutik teu jadi soal, bekel saeutik lain masalah, sabab gedena hate geus ngahampangkeun lengkah ka tempat-tempat nu bakal diteang.

Reup peuting, bray beurang, beunta ieu panon karojok sorot srangenge. Padahal langgam laut Jawa mepende euweuh eureuna. Meureun kitu na mah Hyang Widi masih mercayakeun ka sim kuring, sangkan tandang di poe anyar nu karek katincak.

"Lah kabeneran temen, rea nu kadieukeun... Hanjakal marawa pakarang, matak keueung nu ningali. Ah.... Bismillah weh....".
"Punten Ki.....ngiring tumaros". Bari kuring cengkat di pasarean, "ari ieu lembur naon Ki?. Nu ditanya kalah molotot baris ku kaget. Bari gura giru lumpat ka baturna kadenge ngajawab : "Cimanuk...Ki !!". Meakeun ka panasaran, paur oge disampeurkeun weh eta rombongan teh. "Manawi saha nu janten pamimpin ieu rombongan? Punten bade ngarewong sakedap".

"Abdi Ki... nu katelah Ki Gadang. Ari ki sanak saha? urang mana? rek kamana?".....Weh meuni borongan ! "Abdi ki Wekas, kawit ti Cipunagara, bade ka......kamana nya...? Duka tah kamana na mah, nu pasti mah udar-ider weh sajugjugna.

"Euleuh kutan kitu..... jiga teu puguh hirup teh. Terus, ayeuna rek naon atuh, kami keur rusuh yeuh, rek ka wetankeun"........... Nya mangga ti payun pami kitu mah, abdi ge bade ka wetan weh. Aya naon Ki ?

Ukur ngaronda ! jawabna, tapi wayah kieu wari. Ah jadi panasaran oge......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar