Wilujeng Tepang

Sampurasun baraya !

Sabtu, 07 Januari 2012

Subang : Pusakana Wewengkon Karuhun Sunda


MILANG KALA
Tepung Di Panyawangan



Kawasan Subang Samemeh Taun Masehi

Keberadaan binatang di pulau Jawa sudah pasti lebih tua dari pada manusia. Aku, ki Zaman memperhatikan sedikit jejak, walau tidak terlalu jelas dimana dimulai dan kemana arus migrasinya, (mun ceuk bangsa deungeun mah teu kurang 75000 taun SM). Yang pasti aku hanya mau berceloteh tentang manusia dan peradabannya saja. Jadi dianggap kawasan Subang adalah belantara yang subur dan disukai mahluk hidup. Maka adanya berbagai jenis binatang di kawasan Subang sejak tahun ±3500 SM pasti mungkin, sebut saja Badak, Kuda, Harimau, Ular, Rusa dan berbagai jenis burung.

Peradaban manusia umumnya berkembang di sekitar kawasan yang menyediakan sumber makanan hewan yang bisa diburu, kawasan tempat beternak, dan yang utama adalah kawasan yang menyediakan sumber air untuk mendukung aktivitas manusia seperti pertanian dan perikanan.

Jiga kumaha Subang jaman baheula ? Teu kabayangkeun. Tapi geus lumrah mun direka-reka mah saeutikna kagambarkeun kualatan kapanggihna sababaraha “benda purbakala” nu nyebar di sababaraha tempat. Didukung oge ku beja carita ti bangsa deungeun, dimamanis ku lalakon karuhun nu dipupusti. Terus nu penting nyaeta: ku ayana lembur-lembur nu boga ngaran nu dijigakeun kana kaayaan alam jeung kajadian-kajadian mangsa harita.
Ari kahirupan masarakat nyatana silih mangaruhan, kitu oge jeung “dinamika sosial” lemburna. Hiji lembur pasti aya pakait soal jeung lembur laina. Hiji lembur pasti aya patalina jeung kajadian jalma katut usahana.

Baraya…..
Mun nurutkeun pamanggih bangsa deungeun dina widang panalungtikan kasajarahan hirup manusa, wengkon Subang geus katincak (kaliwatan) ku bangsa manusa teu kurang ti taun 10.000 samemeh masehi datangna ti daratan Asia belah kulon ka tungtung benua Asia (can aya pulo Sumatra. Ieu manusa purba diaranan bangsa Polynesia jeung Malanesia. Asup taun 3000 sM, datang deui manusa purba nu sejena nu arahna ti kalereun pulo Sulawesi. Lantaran cai laut disakuliah dunya naek, lablaban, ngarendem belah “Tenggara” benua Asia. Akibatna, lahan nu teu ka keueum caina jadi saolah misah ti asalna; aya Taiwan, Philipina, Sulawesi, Kalimantan, Jawa, Sumatra, Bali, NTT, Timor, Irian jeung pulo-pulo leutik sejena. Nu paling kasohor eta manusa teh asalna ti daratan Asia, nyaeta nu kasebut manusa “Austronesia”. Maranehana datang ka leuweung Subang kurupa-rupa jalan, aya nu make “rakit” ngangkleung mang poe-poe kumaha angin, aya oge nu ngahaja leumpang mapay-mapay jalan nu bisa ditincak. Cara hirupna leuwih maju, geus bisa nyieun pakakas hirup. Ngajadikeun manusia nu tiheula datang teh rea-rea ngungsi deui ka belah wetan kapuloan Nusantara, malah labas ka Australia. Tong aneh makana di Pulo Jawa, para ahli kasajarahan manggihan mangrupa-rupa kolompok/aran manusa purba. Pulo Jawa teh Metropolitan-na masarakat purba.

Kabutuhan hirupna “sederhana” sangkan cukup sare aman, bisa dahar jeung nginum. Jugjugeuna tantu wae alam nu nyayagikeun kabutuh hirupna mangrupa dahareun tinu daging, lauk jeung sarupaning beubeutian, bubuahan jeung dangdaunan nu ngandung khasiat. Keur kabutuhan nginum sapopoe (duka mandi henteu na mah tah) maranehna kudu manggih sumber cai mangrupa situ, walungan atawa “indung cai”. Lain ukur keur nginum wungkul eta teh, tapi oge sangkan bisa ngalaan laukna, oge mangpaat keur tatanen, jeung mamangkatan-ungkat-ungkut.

Ayeuna urang korehan, naha aya nu kasebut “sumber daya alam” teh di leuweung-leuweung Subang jaman harita. Satemena rea ! Sesana wae nepi kiwari masih aya. Teu sirikna sagigireuna jadi puser lembur masarakat urang. Yu urang sebutan hiji-hijina:
1.      Cipunagara, nu ngalir ti gunung nepi ka muara laut Jawa, utamana ngaliwatan kacamatan Legonkulon (Pangarengan, Legonwetan), Bobos, Rancadaka, Mundusari, Rancasari, Pusakajaya, Bojongjaya, Bojongtengah, Compreng, Mekarjaya, Kiarasari, Cadasngampar, Sumurbarang, Babakantengah, Sadawarna, Cibuluh, Cigadog, Darmaga <- Pasanggrahan, Bukanagara ->  Mayang, Darmaga;
2.      Cigadung (nu ngalir 2 jalur di tengah antara Kulon jeung Wetan wilayah Subang, nyambung ka Cipunagara di Rancahilir)-> Bongas, Rancaudik, Tambakdahan, Jatimulya,  Cigadung Pagaden, Situ Nagrok, Jabong, Lio, Wesel, Wismakarya Karanganyar, Pasirkareumbi, Cileuleuy, Ciparang, Cicaria, Cigadok (Cipunagara), Tanjungwangi, Cijambe, Kumpay, Kasomalang, Situ Cigayonggong, Darmaga (Cipunagara), Jabong, (Situsaeur, Flamboyan, Sukarahayu, Gg.Kalapa, Cikondang, Cigadung Gedong Gede Subang) dan , Cimereta (Cileuleu-Cipunagara) (Curug5-Cigadung kota) , Goa Monyet, Tanjungwangi; Cijambe
3.      Ciasem, Muara (Blanakan), Situ Asem, Cikaum, Kaunganten,ti Sukasari, Dangdeur, Parung, Curug Agung, Leles ti Curug Rendeng, Cipahang, Cicaracas,
4.      Cibalapulang, Cihaurseah, Cikeruh, Cilamaya (Cikadu, Cisaat, Cijengkol, Cicaracas), Ciparungsari, Cipeundeuy (tambah ti Ciherang Purwakarta), nyilang ka Irigasi Tarum Timur di Barugbug terus ka (Cilamaya Girang) Muara laut Jawa

Lieur ngabandunganana ge, nu jelas mah “simple”na kieu: Ari Subang ku genahna boga walungan nu jadi andelan hirup. Datang ti gunung, jadi barokah keur unggal lembur nu kaliwatan, crub ancrub ka muara di laut Jawa. Walungan gedena 4: nyaeta Cipunagara jadi wates di lebah Wetan; walungan Cilamaya nu jadi wates di lebah Kulon; ti gunung ka laut aya walungan deui nyatana Ciasem jeung Cigadung.
Edunna, ieu solokan pada nyambung silih eusian, walungan Cilamaya silih sambung jeung Ciasem (lain ukur neruskeun diteruskan), kitu deui walungan Cigadung jeung Cipunagara. Hebat deui, walungan nu 2 di tengah jiga surti ka pangeusi lembur, sok silih jolorkeun. Mantak rea keneh petakeuneun na ieu barokah cai, karek bisa nyieun jalan cai di Pantura nyaeta “Saluran Irigasi Tarum Timur” ti tungtung Kulon (asal walungan Citarum) ka wetankeun.
Tah kitu ngeunaan banda urang sesa jaman prasejarah teh. Yakin meureun ayeuna mah, moal hanteu di lembur urang aya manusa. Ngan can kabeneran weh meureun aya tim nu manggihan, nu duarius nalungtik ka-prasajarah-an di wewengkon urang.









Migrasi Manusa Austronesia ka Nusantara




Lelahnya perjalananku dalam hitungan masa tak berbilang, tersudut pandangku ke tepian benua Asia (bagian tenggara),  Kalaupun tak salah, sekitar 4500 sebelum Masehi, dari langit kupandang bumi. Aku terawang lebih dekat, ada sekelompok manusia (Austronesia) di kawasan pantai Taiwan yang sedang termenung di sekitar hutan pantai. Dari baunya, Yang kutahu mereka berasal dari dataran China. “Oy…. Gi ngapain Loe?”.  “Aing ngek neyang hakaneun. Panasaran aya naon di belah ditu (Kidul)”. Awas tikosewad nya ! “Hem euh”. Lalu mereka berjalan meninggalkan daerah sekitar hutan pantai, menelusuri gugus pulau yang mulai terendam air. (Kek jembatan layang di laut, bro). 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar