Wilujeng Tepang

Sampurasun baraya !

Sabtu, 11 Februari 2012

buku 18 Abad Karuhun Subang

Buku "18 Abad Karuhun Subang" keur urang Subang....tapi.....
ukur ceunah jeung beja

Selasa, 07 Februari 2012

Urang Subang Boga Carita

Hese.....hese......heseeeeeee pisan hayang wawuh jeung karuhun sorangan teh..... Tos sataun langkung bobongkar, can mendak carita nu nyugemakan ngenaan babad wewengkon sareng karuhun Subang. Cing baraya, bantosan sim kuring ku wadul, ku gedebul, ku banyol, ku photo baheula, ku gambar, ku naon wae nu tiasa di reka-reka sangkan janten informasi nu nyaangan poekna jalan keur nyawang jeung sasambat kanu jadi karuhun.

Sanes teu kekengingan sim kuring, tapi asa seueur nu kakantun. Diantos-diantos diantaos pisan naha ngalangkungan email: qsubang@gmail.com    atanapi alungkeun ka alamat: KI WEKAS: BTN Ciheuleut B1 No.7 Jl.Salendro, Subang

Hayu urang kempelkeun sagaduhna, manawa-manawi pendak laratanana timana kamana-na nu janten karuhun Subang. (Bisi diaku batur....lebar nyaah).

Minggu, 22 Januari 2012

Dream from Anak Bawang


A Dream
Dear,
Thirty five years ago, I seen many Netherlands building in the city  more than in 20 locations on around of the Soebang land. Now, in 2012, most of the building is damaged and disappeared. All Netherlands heritage building (as house or atellieur) be a sadly dream for me.
I could never understand why the government let the buildings damage and disappear. I think all of the buildings (in my mind  have history) has been sale to the newcomer from ethnics China, and they let it be damaged, or they change it with another building.
In the future, I hope that I have a large land to make the new kampoeng like kampoeng Soebang when 1800 – 1924 ago. I will build a region which have buildings with Netherland architecture (or similiar).
If I have one trillion rupiahs, I will buy a 20 hectare land. I will build a Soebang kampoeng (in miniatur of region). And then I need a consultant to draw the map and estate. The kampoeng will have :
20 buildings with Netherlands architecture;  10 home residents;  1 factory building;  1 tradisional market
1 swimming pool;  1 elementary school;   1 mosque;   and roads, irrigation, electricity substation.
Resident of the area will inhabit and utiizing each building to meet the economic needs or income. Every building/home should have a home-yard, a fruits tree, and  fenced with the plant. Every man (specially men and more than 17 years old) must have a tools to produces a thing which can to sale.
In the morning, the children go to school by foot. (except a SMP/SMA student). Important too, in the region have a promotion room (showroom), tenis field and bilyard buildings.
In fact….. it really need much money, need support from all a kind people.
One trillion rupiahs ! it can build the pilot kampoeng for the best life of the future.
When the dream will come true ? ……………………….. any one hear me ? any one can help me ? I always wait for the moment !

Sabtu, 07 Januari 2012

Timana Kamana Ngajadi

Hoream ! mun kudu ngider jagat sakieu legana. Tapi hate maksa akal nyawang kamana-mana. Mimiti abdi ngaraga dimangsa tahun 1500an. Ngawujud kuring jadi pangumbara. Awak leutik teu jadi soal, bekel saeutik lain masalah, sabab gedena hate geus ngahampangkeun lengkah ka tempat-tempat nu bakal diteang.

Reup peuting, bray beurang, beunta ieu panon karojok sorot srangenge. Padahal langgam laut Jawa mepende euweuh eureuna. Meureun kitu na mah Hyang Widi masih mercayakeun ka sim kuring, sangkan tandang di poe anyar nu karek katincak.

"Lah kabeneran temen, rea nu kadieukeun... Hanjakal marawa pakarang, matak keueung nu ningali. Ah.... Bismillah weh....".
"Punten Ki.....ngiring tumaros". Bari kuring cengkat di pasarean, "ari ieu lembur naon Ki?. Nu ditanya kalah molotot baris ku kaget. Bari gura giru lumpat ka baturna kadenge ngajawab : "Cimanuk...Ki !!". Meakeun ka panasaran, paur oge disampeurkeun weh eta rombongan teh. "Manawi saha nu janten pamimpin ieu rombongan? Punten bade ngarewong sakedap".

"Abdi Ki... nu katelah Ki Gadang. Ari ki sanak saha? urang mana? rek kamana?".....Weh meuni borongan ! "Abdi ki Wekas, kawit ti Cipunagara, bade ka......kamana nya...? Duka tah kamana na mah, nu pasti mah udar-ider weh sajugjugna.

"Euleuh kutan kitu..... jiga teu puguh hirup teh. Terus, ayeuna rek naon atuh, kami keur rusuh yeuh, rek ka wetankeun"........... Nya mangga ti payun pami kitu mah, abdi ge bade ka wetan weh. Aya naon Ki ?

Ukur ngaronda ! jawabna, tapi wayah kieu wari. Ah jadi panasaran oge......

Panyawang ki Wekas

Mun teu apal lebah-lebahna lembur wewengkon Subang, cirina urang kurung batokeun. Mangka wajib keur kanca-kanca nu ngaku urang Subang "wanoh" kanu jadi lemah caina. Sok geura guar..... jiga kumaha ari Subang teh ? Tong hariwang, rea beja ngeunaan Subang. Mun saeutik keneh, teu nyugemakeun, urang catur diieu paranti. Dijamin urang nyaah ka lemah jeung deungeun !

Subang : Pusakana Wewengkon Karuhun Sunda


MILANG KALA
Tepung Di Panyawangan



Kawasan Subang Samemeh Taun Masehi

Keberadaan binatang di pulau Jawa sudah pasti lebih tua dari pada manusia. Aku, ki Zaman memperhatikan sedikit jejak, walau tidak terlalu jelas dimana dimulai dan kemana arus migrasinya, (mun ceuk bangsa deungeun mah teu kurang 75000 taun SM). Yang pasti aku hanya mau berceloteh tentang manusia dan peradabannya saja. Jadi dianggap kawasan Subang adalah belantara yang subur dan disukai mahluk hidup. Maka adanya berbagai jenis binatang di kawasan Subang sejak tahun ±3500 SM pasti mungkin, sebut saja Badak, Kuda, Harimau, Ular, Rusa dan berbagai jenis burung.

Peradaban manusia umumnya berkembang di sekitar kawasan yang menyediakan sumber makanan hewan yang bisa diburu, kawasan tempat beternak, dan yang utama adalah kawasan yang menyediakan sumber air untuk mendukung aktivitas manusia seperti pertanian dan perikanan.

Jiga kumaha Subang jaman baheula ? Teu kabayangkeun. Tapi geus lumrah mun direka-reka mah saeutikna kagambarkeun kualatan kapanggihna sababaraha “benda purbakala” nu nyebar di sababaraha tempat. Didukung oge ku beja carita ti bangsa deungeun, dimamanis ku lalakon karuhun nu dipupusti. Terus nu penting nyaeta: ku ayana lembur-lembur nu boga ngaran nu dijigakeun kana kaayaan alam jeung kajadian-kajadian mangsa harita.
Ari kahirupan masarakat nyatana silih mangaruhan, kitu oge jeung “dinamika sosial” lemburna. Hiji lembur pasti aya pakait soal jeung lembur laina. Hiji lembur pasti aya patalina jeung kajadian jalma katut usahana.

Baraya…..
Mun nurutkeun pamanggih bangsa deungeun dina widang panalungtikan kasajarahan hirup manusa, wengkon Subang geus katincak (kaliwatan) ku bangsa manusa teu kurang ti taun 10.000 samemeh masehi datangna ti daratan Asia belah kulon ka tungtung benua Asia (can aya pulo Sumatra. Ieu manusa purba diaranan bangsa Polynesia jeung Malanesia. Asup taun 3000 sM, datang deui manusa purba nu sejena nu arahna ti kalereun pulo Sulawesi. Lantaran cai laut disakuliah dunya naek, lablaban, ngarendem belah “Tenggara” benua Asia. Akibatna, lahan nu teu ka keueum caina jadi saolah misah ti asalna; aya Taiwan, Philipina, Sulawesi, Kalimantan, Jawa, Sumatra, Bali, NTT, Timor, Irian jeung pulo-pulo leutik sejena. Nu paling kasohor eta manusa teh asalna ti daratan Asia, nyaeta nu kasebut manusa “Austronesia”. Maranehana datang ka leuweung Subang kurupa-rupa jalan, aya nu make “rakit” ngangkleung mang poe-poe kumaha angin, aya oge nu ngahaja leumpang mapay-mapay jalan nu bisa ditincak. Cara hirupna leuwih maju, geus bisa nyieun pakakas hirup. Ngajadikeun manusia nu tiheula datang teh rea-rea ngungsi deui ka belah wetan kapuloan Nusantara, malah labas ka Australia. Tong aneh makana di Pulo Jawa, para ahli kasajarahan manggihan mangrupa-rupa kolompok/aran manusa purba. Pulo Jawa teh Metropolitan-na masarakat purba.

Kabutuhan hirupna “sederhana” sangkan cukup sare aman, bisa dahar jeung nginum. Jugjugeuna tantu wae alam nu nyayagikeun kabutuh hirupna mangrupa dahareun tinu daging, lauk jeung sarupaning beubeutian, bubuahan jeung dangdaunan nu ngandung khasiat. Keur kabutuhan nginum sapopoe (duka mandi henteu na mah tah) maranehna kudu manggih sumber cai mangrupa situ, walungan atawa “indung cai”. Lain ukur keur nginum wungkul eta teh, tapi oge sangkan bisa ngalaan laukna, oge mangpaat keur tatanen, jeung mamangkatan-ungkat-ungkut.

Ayeuna urang korehan, naha aya nu kasebut “sumber daya alam” teh di leuweung-leuweung Subang jaman harita. Satemena rea ! Sesana wae nepi kiwari masih aya. Teu sirikna sagigireuna jadi puser lembur masarakat urang. Yu urang sebutan hiji-hijina:
1.      Cipunagara, nu ngalir ti gunung nepi ka muara laut Jawa, utamana ngaliwatan kacamatan Legonkulon (Pangarengan, Legonwetan), Bobos, Rancadaka, Mundusari, Rancasari, Pusakajaya, Bojongjaya, Bojongtengah, Compreng, Mekarjaya, Kiarasari, Cadasngampar, Sumurbarang, Babakantengah, Sadawarna, Cibuluh, Cigadog, Darmaga <- Pasanggrahan, Bukanagara ->  Mayang, Darmaga;
2.      Cigadung (nu ngalir 2 jalur di tengah antara Kulon jeung Wetan wilayah Subang, nyambung ka Cipunagara di Rancahilir)-> Bongas, Rancaudik, Tambakdahan, Jatimulya,  Cigadung Pagaden, Situ Nagrok, Jabong, Lio, Wesel, Wismakarya Karanganyar, Pasirkareumbi, Cileuleuy, Ciparang, Cicaria, Cigadok (Cipunagara), Tanjungwangi, Cijambe, Kumpay, Kasomalang, Situ Cigayonggong, Darmaga (Cipunagara), Jabong, (Situsaeur, Flamboyan, Sukarahayu, Gg.Kalapa, Cikondang, Cigadung Gedong Gede Subang) dan , Cimereta (Cileuleu-Cipunagara) (Curug5-Cigadung kota) , Goa Monyet, Tanjungwangi; Cijambe
3.      Ciasem, Muara (Blanakan), Situ Asem, Cikaum, Kaunganten,ti Sukasari, Dangdeur, Parung, Curug Agung, Leles ti Curug Rendeng, Cipahang, Cicaracas,
4.      Cibalapulang, Cihaurseah, Cikeruh, Cilamaya (Cikadu, Cisaat, Cijengkol, Cicaracas), Ciparungsari, Cipeundeuy (tambah ti Ciherang Purwakarta), nyilang ka Irigasi Tarum Timur di Barugbug terus ka (Cilamaya Girang) Muara laut Jawa

Lieur ngabandunganana ge, nu jelas mah “simple”na kieu: Ari Subang ku genahna boga walungan nu jadi andelan hirup. Datang ti gunung, jadi barokah keur unggal lembur nu kaliwatan, crub ancrub ka muara di laut Jawa. Walungan gedena 4: nyaeta Cipunagara jadi wates di lebah Wetan; walungan Cilamaya nu jadi wates di lebah Kulon; ti gunung ka laut aya walungan deui nyatana Ciasem jeung Cigadung.
Edunna, ieu solokan pada nyambung silih eusian, walungan Cilamaya silih sambung jeung Ciasem (lain ukur neruskeun diteruskan), kitu deui walungan Cigadung jeung Cipunagara. Hebat deui, walungan nu 2 di tengah jiga surti ka pangeusi lembur, sok silih jolorkeun. Mantak rea keneh petakeuneun na ieu barokah cai, karek bisa nyieun jalan cai di Pantura nyaeta “Saluran Irigasi Tarum Timur” ti tungtung Kulon (asal walungan Citarum) ka wetankeun.
Tah kitu ngeunaan banda urang sesa jaman prasejarah teh. Yakin meureun ayeuna mah, moal hanteu di lembur urang aya manusa. Ngan can kabeneran weh meureun aya tim nu manggihan, nu duarius nalungtik ka-prasajarah-an di wewengkon urang.









Migrasi Manusa Austronesia ka Nusantara




Lelahnya perjalananku dalam hitungan masa tak berbilang, tersudut pandangku ke tepian benua Asia (bagian tenggara),  Kalaupun tak salah, sekitar 4500 sebelum Masehi, dari langit kupandang bumi. Aku terawang lebih dekat, ada sekelompok manusia (Austronesia) di kawasan pantai Taiwan yang sedang termenung di sekitar hutan pantai. Dari baunya, Yang kutahu mereka berasal dari dataran China. “Oy…. Gi ngapain Loe?”.  “Aing ngek neyang hakaneun. Panasaran aya naon di belah ditu (Kidul)”. Awas tikosewad nya ! “Hem euh”. Lalu mereka berjalan meninggalkan daerah sekitar hutan pantai, menelusuri gugus pulau yang mulai terendam air. (Kek jembatan layang di laut, bro).